CURHAT Menebar Manfaat

Dialog Drama Basa Sunda :Potrét Hideung -bagian 1

Dari : daluang.com (karangan Dadan Sutisna, dimuat dina majalah Manglé, nganggo sandiasama Asép Sundira)

Peran:

1. Marni

2. Maman

3. Bi Darsih

4. Rusman

5. Sudma

6. Somad

7. Bah Dasmin

8. Bu Dewi

9. Jang Unéd

10. Rahim

11. Latar

Latar :

JAM sawelas peuting. Di luar hujan ngaririncik.Maman jeung Marni guntreng kénéh di kamar. Sakapeung hoghag, sakapeung patingcikikik.Marni ngadeukeutan Maman nu keur anteng ngoprék télévisi. Nu ditanya kalah ka muka laci méja, ngaluarkeun VCD sababaraha hiji. Sup diabuskeun kana DVD-Player.

Marni: "Sabaraha dinten deui cuti téh, Kang?" . "Étah, ari ditaros téh sok kalah ka baeud. Moal enya anyar kénéh nikah tos silih baeudan?"

Maman : "Saha nu baeud?" ………………[Maman ngalieuk bari imut.]

Marni: "Geuning ditaros teu ngawaler?"

Maman: "Ari kitu naros naon bieu téh?"

Marni: "Duka, ah!" ………………………[Marni ngajanggilek.]

Maman: "Tuh, pan, Marni anu baeud mah. Tilu dinten deui asana. Mung dipasihan cuti 10 dinten atuda. Sakitu gé tos leuheung, Mar. Batur mah aya nu ukur dipasihan tilu dinten."

Marni: "Jadi panganténan téh tos saminggu?"

Maman: "Muhun."

Marni: "Asa cikénéh, nya?"

Maman: "Naon nu cikénéh téh?"

Marni: "Muhun, nikah. Asa kamari Akang ngalamar téh..."

Latar : Maman nyokot rémot. Tapi gancang dipiheulaan ku Marni.

Marni: "Badé nyetél naon?"

Maman: "Nyetél pilem. Akang gaduh pilem anyar."

Marni: "Pasti pilem horor..."

Maman: "Pilem naon deui atuh, da éta karesep Akang mah."

Marni: "Cik atuh, Kang, ieu téh tos ampir tengah wengi. Malem Juma'ah deuih. Piraku nyetél nu serem-serem. Nu rada romantis gé aya, pan?"

[Marni naleukeum kana tonggong Maman. Rémot dicekelan kénéh.}

Maman: "Panasaran..."

Marni: "Pilem naon, sih?"

Maman: "Wedding Day's Terror!"

Marni: "Teu kénging, ah! Kumaha mun katuliskeun? Pan urang téh anyaran nikah..."

Maman: "Moal nanaon. Cik ka dieukeun rémotna, geulis!"

Marni: "Teu kénging!"

Maman: "Eum, sok hoyong dipaksa waé ieu mah!"

Marni: "Kadé bisi nyetrum, Kang. Tadi cék Bi Darsih aya pagawé PLN ka dieu, ngalereskeun listrik, dugi ka naék ka para sagala rupa..."

Maman: "Da asa teu ku nanaon listrik mah..."

Marni: "Duka atuh, da cék Bi Darsih..."

Latar : Keur guntreng kitu, panto kamar aya nu ngetrokan. Jep duanana jempé.

Bi Darsih: "Néng, Néng Marni!"

Marni: "Aya naon, Bi?"

[Marni ngadeukeutan panto. Bray dibukakeun. Bi Darsih geus ngajanteng lebah lawang.]

Bi Darsi: "Aya nu nyanggakeun ieu..." …………[Bi Darsih ngasongkeun bungkusan dina palastik hideung.]

Marni: "Naon éta téh?" ……………………………[Marni kerung.]

Bi Darsih: "Saurna mah potrét-potrét waktos Enéng nikah..."

Marni: "Euh... cik atuh!" ……..[Marni nyokot bungkusan. Bi Darsih mah terus ngaléos deui.]

[Marni nutupkeun panto kamar.]

Marni: "Kang, potrét tos janten!" …[Marni satengah luncat kana kasur. Gancang muka bungkusan, panasaran tayohna téh.]

Maman: "Telat pisan tukang potrét téh. Saminggu mani kakara jol..." [ Maman bari mencétan rémot. Bray gambar dina télévisi. Sora musik nu mawa keueung mimiti kadéngé.]

Marni: "Kang... teu kénging nyetél pilem horor atuh!" ."Mending ningalan potrét geura..." [Marni ngarenghik. ]

Latar: Éléh déét, télévisi ku Maman dipareuman deui. Terus cengkat ngadeukeutan pamajikanana. Marni anteng mukaan albeum. Panonna sakapeung gigisik.

Marni: "Kang! Aya nu anéh!" [pokna semu reuwas.]

Maman: "Nu anéh naon?

Marni: “ Beungeut Akang jadi beuki kasép, nya?". "Ka dieu heula sakedap!"

Maman: "Apan ieu gé tos gigireun Marni!"

Marni: "Enya, ngan éta soca tong rarat-rérét ka mana waé. Ieu tingali!"

[Maman ngised. Diukna ngaréndéng. Panonna anteng ngimeutan potrét-potrét nu ditunjukan ku Marni.]

Maman: "Asa euweuh nu anéh. Beungeut Akang angger kieu. Beungeut Marni gé angger. Pédah éta meureun, rada pangling sotéh dangdananana béda ti sasari. Ngaranna gé pangantén atuh, piraku mun dapon diwedak téh. Apan Marni mah didangdanan ku salon, lin?"

Marni: "Ih, na ari Akang! Nganggo kaca soca geura, ngarah sidik!" [Marni rada baeud.]

Maman: "Sok atuh wartoskeun, naon nu anéh téh?"

Marni: "Tingali heula nu ieu..." [Marni nunjuk potrét dina lambaran mimiti.]

Marni: "Potrét urang nuju dirapalan. Ieu Akang, ieu Marni, calik ngaréndéng. Payuneun urang, padamel ti KUA, mengkeran kaméra. Bapa sareng saksi-saksi calikna di gigir..."

Maman: "Enya, enya, terus naon nu anéhna?"

Marni: "Tingali pengkereun urang. Aya nu ngajanteng, nganggo tiung hideung, malik ka tukang!"

Maman: "Hahaha!" [Maman ngagakgak. Marni olohok.]

Marni: "Naha bet gumujeng?"

Maman: "Teu matak anéh nu kitu mah. Ngaran-ngaran keur dirapalan, pasti seueur jalmi. Nya kabeneran wé meureun éta mah aya nu ngajanteng di dinya!"

Maman: "Bisa jadi, da urang henteu sidik kana beungeutna. Henteu terang saha-sahana. Tapi titénan nu séjénna..."

[Marni mukaan deui potrét. ]

Marni: "Méh di unggal potrét, aya nu ngajanteng ditiung hideung..."

Maman: "Enya, nya..." [Maman mimiti kerung. ]

Marni: "Nu matak teu kaharti mah nu ieu..." . "Akang gé tangtos émut kénéh, waktos urang dipotrét di kamar pangantén, teu aya sasaha deui. Urang dipotrét bari calik dina kasur. Akang nuju ngaléng abdi. Tapi éta di pengker, nu ditiung bet aya deui. Nuju calik nukangan kaméra. Siga nu adek kana tonggong Akang!"

Maman: "Masya Alloh, naha bet bisa kitu?"

Marni: "Anéh puguh ogé..."

Latar: Duanana patingharuleng. Di luar kadéngé kénéh sora hujan.

Marni: "Boa-boa lain jelema, Kang!" [ Marni tipepereket nyekelan taktak Maman. Awakna ngadadak patingsariak.]

Maman: "Sakedap, ulah ngémut nu teu pararuguh..." "Dina unggal potrét, aya nu ngajanteng ditiung hideung, nukangan, beungeutna henteu sidik. Mun téa mah harita aya nu datang maké tiung hideung, keur nanahaon mani mimilu unggal urang dipotrét. Da geuning dina potrét séjén mah, nu euweuh Marni jeung Akang, henteu katémbong. Hartina manéhna ukur hayang dipotrét jeung urang..." [Maman ngalelemu.]

Marni: "Muhun, tapi saha?"

Maman: "Katingalna mah awéwé..."

Marni: "Awéwé?" [Marni kerung.]

Maman: "Pamohalan aya lalaki indit ka nu kawinan mamaké tiung. Hideung deuih, siga rék jajap nu ma..." [Maman teu kebat nyaritana, biwirna kaburu dibekem ku Marni.]

Marni: "Atos, sok keueung Marni mah..."

Maman: "Énjing urang taroskeun ka nu nampi tamu. Sugan manéhna terangan ka éta awéwé."

Marni: "Enya, Kang. Urang mah apan bororaah nengetan sakur nu datang. Sakitu keur kaweurna. Sigana peryogi ditaroskeun deui ka potograperna."

Maman: "Tapi boa lain awéwé deuih..." [Maman satengah ngomong sorangan]

Marni: "Awéwé-lalakina mah teu penting. Ngan naon maksudna éta mangkeluk pipilueun dipotrét?" [Marni rada baeud.]

Maman: "Enya, énjing urang talungktik. Ayeuna mah geura kulem, tos ampir tengah wengi geuning."

Latar : Marni gancang mérésan albeum, diasupkeun deui kana palastik urutna. Maman mah ngadeukeutan deui télévisi. Keur kitu...

Marni: "Kang...!" [pokna rada tarik.]

Maman:. "Aya naon deui?" [ Maman ngalieuk]

Marni: "Dina palastik téh geuning aya VCD. Sigana hasil suting basa urang nikah."

Maman; "Badé disetél ayeuna?" [ Maman ngalieuk].

Marni: "Kumaha mun énjing?"

Maman: "Panasaran. Cik ka dieukeun!"

Latar: Ku Marni VCD diasongkeun. Maman rurusuhan ngahurungkeun télévisi. VCD geus diasupkeun. Mimiti katémbong gambar. Kredit titél

Nu duaan mencrong kana télévisi mani teu ngiceup-ngiceup. Mimiti katémbong nu keur seserahan, nu biantara, ka dituna rekaman walimahan.

Marni nangkeup tipepereket. Najan samar, dina gambar, tukangeun Maman aya nu ngajanteng nukangeun. Maké baju sarwa hideung. Beungeutna teu écés. Sakapeung, nu hideung ngabelegbeg téh ngageuleuyeung ti kénca katuhu.

JAM dualas peuting. Télévisi geus dipareuman. Marni nangkeupna beuki tipepereket, sabab teuing ti mana jolna, bet kadéngé sora nu ceurik ngabangingik.

GEUS dua peuting Maman jeung Marni ngadéngé sora nu ceurik, ngabangingik, bangun kanyenyerian. Éta sora datangna asa ti luhureun kamar, ti lebah lalangit. Tapi sakapeung semu ngajauhan.

Mistéri potrét gé can kapaluruh. Nu ngabangingik, komo deui, teu kaharti ku akal. Katambah Bi Darsih hariweusweus, cenah basa keur sasapu di pakarangan tukang, katémbong dina témbok aya getih. Enya, getih nu ngalémbéréh, teuing getih nanahaon.

Ku Maman dibuktikeun. Enya geuning. Marni mah geus miheulaan ngayekyek. Tapi Maman nyobaan neger-neger manéh, mikiran éta kajadian maké logika, najan haté leutikna mah sarua nyebut teu kaharti.

Marni: "Mending ngalih ti dieu, Kang. Sigana bumi téh aya jurigan..."

Maman: "His, ké heula. Mending urang paluruh, bisi nu ngaheureuyan,"

Marni: "Ngaheureuyeun kumaha? Potrét, VCD, sora nu ceurik, éta mah lain pagawéan jelema heureuy. Piraku tengah peuting aya nu ngadon ceurik di imah batur. Ieu mah sidik..."

[Maman ngahuleng.]

Latar: Piisukaneun ngantor, Maman nélépon Rusman, babaturanana. Teu kungsi jam-jaman, Rusman geus ngurunyuk maké motor bébék. Marni ngahaja sina asup heula ka kamar. Nu duaan terus ngawangkong di téras hareup.

Rusman: "Jadi ieu imah téh titinggal Aki?"

Maman: "Enya, tapi da tara kacaritakeun pikakeueungeun. Enya gé imah geus kolot, da hadé rawat. Jeung ieu mah siga rék ngaganggu déwék jeung Marni deuih, siga nu teu panuju déwék kawin ka manéhna."

Rusman: "Meunang mun nénjo potrét téa?"

Maman: "Puguh baé..." [Maman nyelang heula nyokot albeum. Terus ditémbongkeun ka Rusman.]

Rusman: "Heueuh, matak teu kaharti," [Rusman bari mukaan potrét. Keur kitu paneuteupna mencrong kana hiji potrét. Maman jeung Marni keur narangtung, nu ngabelegbeg ngajanteng tukangeunana.]

Rusman: "Ké, ké... asa wawuh kana tangtungan kieu mah,"

Rusman: "Nya puguh atuh, da éta mah potrét déwék. Jelemana ngajentul hareupeun silaing.."

"Lain, nu ieu déwék mah, nu ngabelegbeg. Ké heula... Euh, enya, Si Lilis. Déwék yakin, ieu mah tangtungan Si Lilis!"

[Maman katémbong ngarénjag. Terus milu nyidik-nyidik potrét.]

Maman: "Heueuh geuning, kakara sidik. Tapi euy, lain Si Lilis mah geus ma..."

Rusman: "Enya, tilu bulan ka tukang. Silaing nepi ka henteu ngalongok, padahal ka popot..."

Maman: "Tong tarik teuing..." ."Moal kitu arwahna marakayangan, teu panuju déwék kawin ka nu séjén? Silaing nu kitu téa mah, bet nepungkeun déwék jeung Marni," [Maman ngagebés.]

Rusman: "Geus, tong papanjangan. Siga nu kaduhung geuning. Da geus kajadian, kumaha malikanana. Déwék nyaho Si Lilis kagegeringan pédah diputuskeun ku silaing. Putusan yang sepihak, pédah silaing kagémbang ku Marni, nepi ka ngajodona. Tapi déwék nyaho pisan, Si Lilis mah awéwé soléh, pamohalan marakayangan..."

Maman: "Boa nu ceurik gé sora Lilis?" [Maman kerung.]

Rusman: "Can karuhan. Ayeuna mah kieu, saha nu motrétanana basa silaing panganténan? Pénta kliseuna, urang akurkeun!"

Maman: "Si Sudma, babaturan di kampus. Jelema lénglé Si Éta mah, nu matak potrétna gé kakara dianteurkeun saminggu sanggeus resépsi.". "Enya, télépon heula, tanyakeun kliseuna!"

[Maman nyokot HP.]

Maman: "Sudma? Di mana, euy? Acan, isukan sigana mah. Lain, déwék butuh kliseu potrét téa... Kumaha? Oh, jadi dihijikeun, nya. Enya, engké urang téang. Tapi mun bisa mah silaing buru-buru ka dieu, aya nu genting. Kumaha? Euh, ngajodo atuh. Didagoan pisan!"

[Maman nutup télépon. Rét ka Rusman]

Maman: "Cenah motrétna maké potona digital. File-na geus di ka dieukeun, dihijikeun jeung albeum, dina CD. Ayeuna manéhna rék ka dieu, da kabeneran rék nepungan..."

Rusman: "Maké poto digital, nya. Tapi engké urang tingal CD-na. Di dieu aya komputer?"

Maman: "Aya, laptop nu kantor. Ukur dipaké ngetik, da déwék mah ukur taram-taram kana komputer téh..."

Rusman: "Sarua. Ngan rarasaan, ari ukur mukaan potrét dina CD mah moal nguyang ka batur. Cik atuh bawa, sakalian jeung CD-na."

[Maman ngaléos. Ngurunyung deui, dibaturan ku Marni. Sok laptop dina méja. Marni ngaluarkeun CD tina kérésék.]

Maman: "Sigana nu ieu, da nu hiji deui mah VCD, geus disetél peuting mangkukna," [Maman nunjukan CD.]

Rusman: "Enya, tah geuning, dina coverna aya ngaran studio poto," [Rusman bari ngahurungkeun komputer. Nu duaan mencrong mani teu ngiceup-ngiceup.

Latar: Eusi CD téh potrét-potrét nu sarua jeung dina albeum. Euweuh nu dipiceun sasieur.

Rusman: "Dina file-na gé nu ngabelegbeg téh aya. Hartina tina kaméra digitalna gé manéhna geus mimilu. Tapi ké ngarah yakin mah urang ngadagoan Sudma!"

Latar: Meunang sajongjongan mah tiluanana patingharuleng.Teu lila jol Sudma. Alangah-éléngéh.

Sudma: "Bagéa nu anyar pangantén. Saraé nya potrétna?" [bari ngodok pésak, ngaluarkeun udud.]

Maman: "Saé, saé, ténjo tah!" [Maman nyodorkeun albeum. Mani tenang naker ku Sudma dibukaan, leungeunna nu kénca nyekelan udud.]

Sudma: "Alus, béngras..."

Maman: "Nya teu katénjo aya nu ngabelegbeg?" [Rusman mairan.]

[Sudma mimiti ngahuleng. Panonna satengah dibelélkeun awahing ku hayang sidik.]

Sudma: "Saha ieu?" [ bari melong ka Maman.]

Maman: "Kuduna gé déwék nu nanya kitu téh!"

Sudma: "Teuing atuh, da déwék mah teu rumasa motrét mahluk ditiung hideung. Teu nénjo-nénjo acan..." Sudma bibirigidigan."Bener teu nénjo?"

Sudma: "Daék medu déwék mah. Kumaha nu dina CD?"

Maman: "Sarua. Apan nu dina albeum téh nyitakna ti nu CD, lin?"

Sudma: "Heueuh. Teu kaharti, euy!" [Sudma ngahuleng.]

Rusman: "Nu dina poto digital aya kénéh?"

Sudma: "Geus dipupus, angkeuhan téh, geus dipindahkeun kana CD. Ongkoh harita terus motrétan nu disunatan, mémorina geus pinuh, jadi dipupusan."

Maman: "Éta deuih, potrét déwék dikeueumna mani saminggu. Siga jaman prasejarah waé, mani mulan-malén. Padahal apan geus diomat-omatan, buru-buru citak!" [Maman rada muncereng.]

Sudma: "Tah, lebah dinya mah ulah nyalahkeun déwék. Si Somad bagéanana..."

Maman: "Naon hubunganana jeung Si Somad?"

Sudma: "Harita poto digitalna dipihapékeun ka Si Somad. Si Éta pan, nu ngaméra maké héndikém téh. Cenah ambéh sakalian dihijikeun jeung VCD-na. Tapi isukna gé geus ngurunyung, mulangkeun kaméra. Ngomongna mah potrét geus dicitak, tinggal ngadagoan ngédit pilemna!"

Maman: "Silaing henteu nénjoan heula poto-poto nu geus dicitak?"

Sudma: "Apan cék manéhna rék langsung dibikeun. Kateueuari dibawa ka dieu ka dieu... Iraha kitu Si Somad ka dieu?"

Maman: "Mangkukna, tapi teu panggih jeung déwék mah. Dibikeunna gé ka Bi Darsih."

Marni: "Kang Sudma, dina VCD gé sami aya nu ngabelegbeg hideung... Sakapeung jojorélatan!" [Marni kakara ngomong.]

Maman: "Jadi ayeuna mah koncina aya di Si Somad. Di mana mangkelukna?"

Sudma: "Keur balik heula ka lembur, kamari. Cenah indungna gering!"

Maman: "Éta deuih nu matak héran téh... unggal tengah peuting aya sora awéwé ceurik ngabangingik!"

Sudma: "Urusanana geus kana supranatural nu kitu mah. Déwék teu pati nyaho!" [ Sudma kalah ka ngabirigidid.]

Latar: SUDMA jeung Rusman maturan nepi ka peuting. Cenah hayang milu ngabuktikeun sora nu ceurik téa. Sugan wé cenah ari réa batur mah jurigna sieuneun.

Maman: "Di patengahan wé ngadéngékeunana, piraku ngagebreg di kamar onaman..."

Rusman: "Terus silaing duaan di kamar? Meunyi, abong-abong..." [Rusman ngaheureuyan.]

Maman: "Lain kitu, urang ngariung di patengahan wé... opatan!"

Latar: Bada isa Somad ditélépon ku Maman. Ngobrol panjang lébar. Enya baé keur luar kota. Enya deuih, manéhna pisan nu mikeun albeum ka Bi Darsih téh. Ngan harita teu wani asup, eukeur mah geus peuting, katambah rusuh rék ka lembur.Somad gé kadéngéna reuwaseun dibéré nyaho perkara potrét téh. Sababaraha kali nyebut teu kaharti. Manéhna cenah rék buru-buru ka kota keur ngayakinkeun.Wanci beuki nyérélék. Sudma siga nu teu sadar ngagabrug ka Rusman, basa panceg jam 12 peuting, nu ngabangingik téh kadéngé deui...

SOMAD mah katémbong tenang sajeroning mukaan albeum téh. Nu ngabelegbeg hideung, disidik-sidik imeut pisan. Sakapeung gogodeg, sakapeung kerung.

Somad: "Saenyana, tilu poé ti acara gé potrét jeung VCD téh geus bérés. Ngan nyelang heula ka lembur, melang ka indung. Jadi minggu ieu téh geus dua kali balik ka lembur..." [ bari ngarérét ka Maman.]

Maman: "Terus kumaha?"

Somad: "Da puguh keur kaweur, harita teu kaburu ngimeutan potrét. Héndikém oge, sanggeus kasétna ditransfer kana VCD mah, dianggap anggeus, teu diédit deui. Ukur dibéré judul jeung krédit titél."

Maman: "Enya, teu nanaon, kuring ngarti. Ngan sugan bisa méré bongbolongan kana ieu kajadian?"

Somad: "Mungkin waé aya pihak katilu anu jadi dalangna. Mun teu kitu, nya meureun urang jadi percaya, hal-hal nu teu asup akal téh bisa waé kajadian..."

Maman: "Maksudna pihak katilu? Naha perlu urang ngalibetkeun pulisi keur maluruhna?" [Maman kerung.]

Sudma: "Sigana jurig jaman ayeuna mah geus mimiti weruh kana barang-barang digital, sabangsaning komputer, héndikém..." [Sudma mairan.]

Sudma: "Pihak katilu téh nyaéta jalma nu ngaropéa ieu poto. Dunya komputer méré kamungkinan pikeun nambahan atawa ngurangan obyék dina poto. Tapi éta gé masih kénéh bisa disalusur maké logika..."

Maman: "Enya, ngan cék Si Rusman, tangtungan nu dina potrét téh sarimbag jeung Lilis..." . "Ari Lilis téh apan geus maot..."

[Maman ngarérét heula ka lebah jero imah. Marni teu katémbong, da tadi téh bébéja rék ka warung]

Somad: "Enya, kuring gé geus meunang béja ti Rusman. Ngan naha silaing yakin, arwah Lilis milu nungkulan basa silaing kawin?"

Maman: "Yakin teu yakin. Tapi bukti mah geus aya, dina potrét jeung VCD. Terus saban peuting sok kadéngé sora nu ceurik. Hartina, déwék kudu néangan cara keur nyampurnakeun arwah Lilis..."

Somad: "Geuning geus lampar kacindekan téh. Tapi kuring mah hayang nyawang heula maké logika, nyaéta pihak katilu téa. Cikan ka dieukeun laptop CD téa..." [Ku Maman terus disodorkeun. Bari ngoprék komputer, Somad teu eureun nyarita.]

Somad: "Tapi euweuh pihak nu bisa dicuriga deuih. Albeum jeung VCD diteundeun di kamar, pamohalan aya nu wani kakaratak. Basa kuring ka lembur, konci kamar dititipkeun ka Bu Déwi, nu boga kontrakan. Lain jalma nu bisa dicuriga Bu Dewi mah, kuring nyaho pisan pasipatanana."

Rusman: "Mungkin waé..."

Somad: "Enya, tapi naon maksudna? Naon kapentinganana?"

[Meunang sajongjongan Somad ngahuleng, panonna neuteup layar komputer.]

Maman: "Keur ngagawéan naon éta téh?" [Maman ngadeukeutan.]

Somad: "File-file poto bisa méré data sagala rupa hal ngeunaan pamotrétan. Cék istilah komputer mah, disebutna téh métadata. Tengetan geura, unggal file méré katerangan ngeunaan waktu dipotrét, jenis kaméra nu paké, ukuran poto, fokusna sabaraha, jeung sajabana. Mun téa mah éta file kungsi aya nu ngoprék, tangtu kabaca aya data nu robah..."

Rusman: "Jadi bener pagawéan jurig?"

Somad: "Ké heula. Sudma ka mana?"

Rusman: "Keur meuli udud..."

Somad: "Asa geus lila ngaléosna téh. Cik susulan..."

Maman: "Paling gé tuluy ngaheureuyan budak nu boga warung,". "Malum atuh, watek cunihinna can leungit,"


BERSAMBUNG




Peluang Bisnis:
0 Komentar untuk "Dialog Drama Basa Sunda :Potrét Hideung -bagian 1"
Back To Top