Latar: Rusman hideng nyusulan. Teu lila geus ngurunyung deui ngiringkeun Sudma. Somad terus nginjeum kaméra digital, jeprét, jeprét, motrétan naon baé nu katémbong. Geus kitu hasilna diasupkeun kana komputer.
Sudma: "Nanaon ari silaing? Siga nu euweuh gawé!" [Sudma kerung.]
Somad: "Cicing wé heula." [Sanggeus sababaraha kali mencétan mouse, Somad imut.]
Somad: "Enya, aya pihak katilu..."
Maman: "Maksudna?" [Maman kerung.]
Sudma: "Aya nu geus ngoprék poto téa. Sababaraha potrét ditambahan ku tangtungan nu ngabelegbeg. Bisa diakalan, da aya programna. Katémbong deuih nu ngagawéanana geus hatam kana komputer..."
Maman: "Weléh, can kaharti..." [Maman beuki kerung.]
Sudma: "Kieu. Bieu déwék geus ngasupkeun poto séjén tina kaméra Somad. Terus datana diakurkeun jeung nu dina CD. Nu teu nyaho mah tangtu moal bisa ngabédakeun. Poto nu asli, boga kodeu-kodeu husus, tur lamun aya nu ngoprék, éta kodeu téh baris robah. Terus dina potrét nu ieu..." [Somad nuduhkeun potrét Maman jeung Marni di kamar pangantén. ]
Sudma: ”Gambar nu ngabelegbeg téh asa numpang pisan. Geus mun di-zoom, katémbong pan aya garis warna nu pegat."
Maman: "Heup, heup, asa lieur déwék mah ngabandunganana,". "Cindekkeun wé ayeuna mah, naha éta téh pagawéan jelema atawa pagawéan jurig?"
Sudma: "Nyaho teuing atuh, déwék mah ngan méré béja, yén ieu poto geus aya nu ngarobah, ditambahan ku nu ngabelegbeg hideung..."
Maman: "Mun pagawaéan jelema, tangtu kudu kaharti. Kahiji, naon maksudna manéhna ngarobah éta poto. Kadua, iraha ngarobahna, apan albeum jeung CD téh teu ingkah ti kamar silaing?"
Sudma: "Nya éta nu keur dipikiran ku déwék gé..."
Maman: "Nu katilu, lain potrét wungkul deuih anu robah téh, tapi VCD gé sarua..."
Sudma: "Teu béda ti poto, VCD gé bisa dioprék..."
Rusman: "Nu kaopat, saha mangkelukna nu ngadon ceurik di kamar déwék unggal tengah peuting? Saha mangkelukna deuih nu ngawurkeun getih kana témbok di tukang?"."Téror, sidik silaing aya nu néror!"
Maman: "Enya, saha?"
Rusman: "Mun lain jelema, nya meureun jur-jur..." [Rusman nyakakak.
*
Latar: DINA poéan gawé, isuk-isuk, Maman kalah ka ngajentul di patengahan. Ti kamari manéhna ngan hulang-huleng baé. Marni katémbong geus bébérés, saged siga rék indit-inditan.
Marni: "Pokona Marni mah hayang pindah, kajeun kénéh ngontrak!" [ ka Maman. Nu diajak ngawangkongna semu malaweung. Haré-haré wé.]
Marni: "Ku naon deuih Akang téh?". "Yeuh, Kang, peuting tadi gé meureun ku Akang kadangu, nu ceurik téh sasambat nyebut ngaran Akang. Moal kitu Si Lilis ngajungjurigan?" [Marni ngadeukeutan]
Maman: "Eum, ari nyarios téh." [Maman katémbong ngarénjag.]
Marni: "Atuda keuheul, mani asa aya nu ngabebegigan, asa teu tenang. Teu satuju meureun Si Kasebelan téh Akang kawin ka abdi."
Maman: "Mar... cik atuh lambey téh, ulah diumbar kitu. Tenangkeun heula geura..."
Marni: "Rék bisa tenang kumaha? Unggal peuting aya nu ngabangingik, urang dipotrét, milu dipotrét. Bogoheun kénéh meureun ka Akang!"
Maman: "Masya Alloh, geuning panyangka téh dugi ka dinya? Lilis mah tos lain-lainna, tos tengtrem di kalanggengan."
Marni: "Naha atuh bet ngajungjurigan?"
Maman: "Can tangtu!"
Latar : Marni ngaléos ka dapur. Ku Maman kadéngé manéhna gogorowokan.
Marni: "Bi Darsih, cing néangan jelema bisa. Pangusirkeun jurig kituh!"
*
Latar : BAH Dasmin. Awakna bayuhyuh, maké totopong, dikamprét hideung, ditarumpah. Janggotna diantep ngarumbay, méh nepi kana dada. Pamuluna jajauheun kana marahmay, éstuning kuraweud haseum. Ditéangan ku Bi Darsih, ti lemburna di Cihonjé. Cék dongéng Bi Darsih mah cenah dukun wacis, geus manukna usar-usir dedemit mah. Tong boroning jurig awéwé, komplotan siluman gé peruhna téh ku Bah Dasmin.
Barang jol gé langsung muka pakakasna. Bi Darsih dititah nyadiakeun cai hérang, parukuyan, kembang malati jeung duwegan. Gur meuleum menyan, haseupna ngelun ka saban madhab. Gereyem sagala dipapatkeun.
Maman ukur bisa ngabandungan. Teu bisa majar kumaha, da kitu kahayang pamajikanana.
Sanggeus babacaan, Bah Dasmin terus bubura ka unggal juru. Der hohoak, siga nu enya baé keur nyarékan jurig. Gidig ka pakarangan tukang, sebrot deui bubura ku cai hérang. Sup ka kamar Maman, haseup menyan ditiupan.
Aya kana saparapat jamna kitu gawéna téh. Nu nyaksian ukur bisa olohok.
Minangka adegan pamungkas, Bah Dasmin ngasupkeun haseup menyan kana botol, terus ditutupan.
Bah Dasmin : "Geus dipindahkeun ka dieu!" [ bari némbongkeun botol.]
Bi Darsih: "Geuning teu katémbong, Bah?" [Bi Darsih mani nengo-nengo kana botol.]
Bah Dasmin: "Nya moal kadeuleu atuh, da teu bisa diténjo ku jalma sabongbrong. Mimiti peuting ieu, Ujang jeung Nyai geus moal aya nu ngaganggu. Sing tenang. Jurigna geus diajak gelut ku Abah. Teu sapira geuning wewesénna téh!"
Latar: Sanggeus dikeupeulan, Bah Dasmin amitan. Leumpangna mani ngungkug semu rusuh.
Marni : "Mani asa ngemplong, Kang!". "Teu cios pindah téh ari jurigna tos teu aya mah!"
Latar : TENGAH peuting, Maman jeung Marni ngoréjat. Gabrug Marni ngarangkul Maman. Beungeutna nyusup kana dada salakina.
Marni: "Akang, geuning sora nu ceurik téh aya kénéh!" [ bari ngadégdég.]
Latar : REBUN kénéh Somad geus nélépon. Maman kakara pisan hudang, da narima télépon téh bari lulungu.
Somad : "Rék digawé moal?" [cék Somad dina télépon.]
Maman: "Geus dua poé gé teu ngantor. Marni embung ditinggalkeun. Ari kitu aya naon?"
Somad : "Puguh rék ngajak ka ‘Sukma Photo', ayeuna kénéh..."
Maman: "Rék naon?"
Somad : "Engké wé ngobrolna mah."
Maman: "Ké atuh déwék mandi heula..."
Somad : "Dikuramas, teu?" [Somad nyakakak.]
Maman : "Nyao siah!"
Somad : "Ku déwék disampeur atuh, nya. Marni ajak bisi keueungeun mah!"
Latar : Jam tujuh isuk-isuk, Somad ngurunyung kana motor. Marni hideng nyuguhan cikopi. Maman kakara bérés disalin.
Maman : "Kamari mah déwék téh ngondang dukun sagala rupa,"
Somad : "Terus?"
Maman: "Terusna mah, dukun balik, nu ngahinghing aya kénéh. Kéder déwék gé."
Somad: "Hayu ah, meungpeung isuk kénéh!" [Somad cengkat.]
Maman: "Cik terangkeun heula atuh, rék nanaohan ka ‘Sukma Photo'?"
Somad: "Aéh, heueuh. Kamari téh déwék tepung jeung pagawé ‘Sukma Photo'. Manéhna ngadongéng, cenah sababaraha peuting ka tukang aya lalaki nu ngadon nyitak poto panganténan téa, mamawa CD. Ngan matak nyurigakeun, da maké jeung maksa asup ka jero lab, nungguan hasil citakan..."
Maman : "Tah, tah, mimiti aya wewengan geuning."
Somad: "Éta pagawé téh kerung pédah poto nu dicitak ku si lalaki sarua jeung nu dicitak ku déwék. Henteu gurah-geureuh cenah. Ngan mimiti curiga basa éta lalaki ménta CD kosong nu maké labél ‘Sukma Photo'..."
Maman: "Maksudna keur naon?"
Somad: "Nu matak urang ka ditu, ngarah écés. Kamari teu bisa ngawangkong panjang, da panggih di jalan, keur hujaneun deuih..."
Marni: "Abdi mah moal ngiring, Kang. Wios da aya Bi Darsih!"
Latar: BALIK ti "Sukma Photo", Maman jeung Somad nepungan Bu Déwi, nu boga kontrakan. Sudma ngahaja disampeur heula. Kontrakan Bu Déwi kawilang lega. Kamar-kamar nu dikontrakkeun aya welasna, paeunteung-eunteung jeung imah Bu Déwi. Tiiseun, da rada anggang ti jalan raya. Somad rék nanyakeun bisi salila manéhna di lembur aya lalaki nu nginjeum konci, terus asup ka kamarna. Katerangan ti pagawé "Sukma Photo" méré kacindekan yén aya jelema nu ngaropéa potrét panganténan Maman jeung Marni. Ayeuna tinggal nalungtik jelemana.
Bu Dewi: "Euweuh sasaha da. Ongkoh ku Ibu gé moal dibikeun ari teu aya idin ti Jang Somad mah..." [Ngadéngé kitu somad ngahuleng. Terus baé ngajak Maman jeung Sudma reureuh di kamar nu dikontrakna].
Maman: "Asa rieut déwék mah..."
"Sigana salah déwék euy. Rumasa baheula nganyenyeri Lilis. Boa maotna gé alatan kanyenyerian ku déwék," "Kuduna déwék nyekar heula ka makam Lilis méméh kawin téh." [sora Maman dareuda.]
Sudma: "Da geus kajadian atuh, rék naon deui."
Latar : Keur kitu Bu Déwi nyampeurkeun bari hariweusweus. Leungeunna ngajiwir ceuli Si Unéd, budakna nu kakara kelas dua SMP.
Bu Dewi: "Awas siah mun sakali-kali deui. Sok béjakeun ka Kang Somad..."
Jang Unéd : "Mu... muhun. Enggeus atuh, Ma, kumaha mun ceuli uing rumpung?"
Bu Dewi: "Alah... kawas teu diparaban waé sia téh. Sok ngomong!"
Latar: Tapi Si Unéd anggur carinakdak. Nu tiluan olohok.
Bu Dewi : "Jadi kieu, Jang Omad,". "Harita aya lalaki nu ngolo ka Si Unéd, nitah mangnyokotkeun konci kamar. Nyaritana mah cenah lanceuk Ujang. Dasar budak atuh, diasongan 50 rébu téh mani haripeut."
Somad : "Saha éta lalaki téh, Jang?" [Somad neuteup ka Jang Unéd.]
Jang Unéd : "Cenah mah lanceuk Kang Omad. Uing mah percaya wé, pédah manéhna némbongkeun potrét nu keur ngaréndéng jeung Kang Omad."
Somad : "Potrét nu ngaréndéng? Siga kumaha potrétna?"
Jang Unéd : "Teu nyidik-nyidik. Ngan sisigaan téh keur dariuk handapeun tangkal jambu..."
Somad : "Rék naon cenah asup ka kamar?"
Jang Unéd : "Teu terang. Ngan isukna datang deui, mulangkeun konci kamar. Terus omat-omatan, cenah ulah bébéja ka sasaha. Ka Kang Omad ogé..."
Sudma: "Naha atuh bet dibéjakeun?" [Sudma nyéréngéh.]
Jang Unéd : "Da sieun ku Ema..."
Bu Dewi: "Enya, Jang,". "Ku Ibu moal katangén da kamar Ujang apan pangsisina. Ari Ibu apan nguyek waé di tukang, tara pirajeunan laha-loho ka kamar Ujang. Terus kumaha, aya nu leungit, Jang?"
Somad: "Henteu, Bu. Muhun sigana mah éta téh pun lanceuk. Ké wé urang papaykeun..."
Bu Dewi: "Nya ari kitu mah..." [Bu Déwi terus ngaléos dituturkeun ku Si Unéd.]
Maman: "Silaing kungsi dipotrét handapeun tangkal jambu? Jeung saha?" [. Somad kalah ka ngahuleng.]
Sudma: "Di imah Lilis! Apan déwék nu motrétna ogé!"
Somad: "Enya, déwék inget. Éta lalaki tangtuna gé Kang Rahim, lanceukna Lilis. Ana kitu mah..."
*
Latar: SAPRAK ditinggalkeun ku Lilis, Rahim téh siga ngadadak gering pikir. Kituna mah da Lilis téh adi hiji-hijina, dipikanyaah pisan, ari hég kalah ka maot dina mangsa keur meumeujeuhna rumaja putri. Nyaho adina dinyenyeri ku Maman, Rahim teu narima, nya ti harita ngunek-ngunek hayang nyieun balitungan.
Sanggeus ngariung di kontrakan téa, Somad terus nyusun stratégi. Mimiti ngadatangan deui "Sukma Photo", némbongkeun potrét Rahim. Enya cenah, akur pisan, éta jelemana nu nyitak potrét pangantén téh. Tadina rék laporan ka pulisi, ngan ku Maman dicaram. Mending didatangan baé cenah, sacara kakulawargaan. Antukna Rahim diréntog ku tiluan. Mimitina mah ngangles, ngan pamustunganana ngaku, bari terus sanduk-sanduk ménta dihampura.
Rahim: "Akang téh banget baluweng, da ari haté leutik mah teu mikeun kitu peta mah. Ngan Lilis asa ngalangkangan waé, asa ngagugujeg nitah Akang nyieun balitungan. Ah, boa éta mah ukur rarasaan pédah Akang keur kabungbulengan ku adi..." [ pokna, teu ku hanteu maké jeung reumbay cimata sagala rupa.]
Latar: Maman teu lémék teu nyarék. Manéhna asa dosa kabina-bina, sasatna harita Lilis dipegatkeun bari teu puguh kasalahanana, da Lilis mah teu kungsi nyieun codéka. Dipegatkeun sotéh pédah wé Maman kagémbang ku Marni.
Cék Rahim, mimiti kailhaman ngoprék poto téh pédah wé aya kasempetan. Basa Maman kawin, Rahim datang susulumputan. Manéhna nyaho nu motrétan téh Sudma, terus kamérana dipihapékeun ka Somad. Meunang saminggu mah Somad dikuntit. Rahim nyaho Somad balik ka lembur, aya kana tilu poéna, da tetelepék heula ka Si Unéd.
Ngaropéa photo jeung VCD, cenah nepi ka sapoé sapeuting, dibantuan ku babaturanana duaan. Rahim tapis kana élmuning komputer. Atuh teu hararésé hayang nyelapkeun nu ngebelegbeg hideung dina potrét téh.
CD nu jeung potrét-potrét nu asli diampihan, diganti ku meunang ngaropéa. Ngarah teu katémbong dirobah, labél CD disaruakeun jeung aslina, meunang ménta ti "Sukma Photo". Kitu deui file-file nu dina CD, datana diakalan sangkan persis jeung aslina.
Rahim: "Hanjakal aya nu kaliwat, da Akang teu nyaho kodeu-kodeu husus dina kaméra digital nu dipaké ku Sudma. Rusuh wé pangpangna mah..." [Rahim maksakeun imut.]
Latar: Nu tiluan, najan sakumaha keuheulna, teu bisa magar kumaha. Eukeur mah datangna masalah ti Maman deuih.
Rahim: "Tapi Akang yakin, Lilis moal satuju kana paripolah Akang. Lilis mah awéwé soléh, moal males kanyeri ku kanyeri ..." [pokna dareuda. Maman beuki bareureuman.]
Latar: Ka dituna Rahim balaka, cenah sora nu ceurik gé manéhna dalangna. Harita Rahim sailon jeung pagawé PLN, sina api-api menerkeun listrik, padahal neundeun sabangsaning radio nu geus dieusian ku sora-sora pikakeueungeun. Éta radio digital téh geus disét, sina disada unggal jam 12 peuting. Bakal terus disada deuih, sapanjang batréna can béak mah.
Rahim: "Kakuatan batréna saminggu. Tapi mun kaganggu mah, cokot wé di para..."
[Maman teu hayang tetelepék sual getih dina témbok tukang mah, da geus moal saha deui, cék pikirna.]
***************
Sudma: "NEPI ka kituna nya, kalakuan batur. Cék urang mah kariweuh-riweuh. Euweuh gawé pisan," [cék Sudma ka Somad, sanggeus balik ti imah Rahim.]
Somad: "Awahing nyaah ka adi meureun, hayang mangmaleskeun kanyeri,"
Maman: "Enya euy, tadina ku déwék rék dilaporkeun ka pulisi. Tapi asa teu téga..." [Maman mairan.]
Somad: "Keun baé, sing jongjon wé panganténan téh, moal aya deui nu ngaganggu meureun..."
*
Latar: TENGAH peuting Marni ngocéak. Maman keur di kamar mandi.
Marni: “Akaaaaaang……”
Maman: "Aya naon?"
Marni: "Cenah radio téh tos dicandak ti para, tapi naha aya kénéh nu ceurik?"
[Maman ukur imut……..ku Maman radiona masih disimpen di handapeun dipan]
Tamat
Peluang Bisnis:
MARI HIDUP SEHAT BERSAMA ENERGZE WATER.. !